B u b u k a

Wa Maa Kholaqtul Jinna Wal Insa Illa Liya'buduun

Bismillahir Rohmanir Rohim

alhamdulillaahhil ladzii hhadaana lidiinihhi alladzii akmalahhu wartadloohhu wa sholaatu was salaamu
'alaa nabiyyihi sayyidinaa muhammadinil ladzii tabahhu
min kholqihi wasthofah.
≈ wa ba'du ≈

Mangka ieu tarjamaahna Kitab Daqo'iqul Akhbar Fidzikril Jannati Wan Nari (Pirang-Pirang Kebon Nu Aralus Pikeun Mieling Sorga Jeung Naraka), karangan Imam Abdur Rohim Bin Ahmad Al-Qodi
rohimahullohu ta'ala.

Mudah-mudahan aya paedahna kanu henteu uninga kana bahasa Arab.
-

Ruh Muhammad

DIDAMELNA RUH ANU AGUNG MUHAMMAD SAW

Parantos dicarioskeun dina hadits, satemenna Gusti Alloh ngadamel hiji tangkal kai. Ari dahana aya opat, anu disebatna "Sajarotul yaqin" (Tangkal Yaqin). Tidinya Gusti Alloh ngadamel Nurna Kanjeng Nabi Muhammad saw dina hijab (pipinding) tina inten anu bodas. Ari rupina eta Nur sapertos manuk merak. Teras eta Nur di simpen di luhur sajarotul yaqin tea, teras eta Nur maca tasbeh, lamina 70 rebu taun. Tidinya teras Gusti Alloh ngadamel "mi'rotul hayat" (eunteung kahirupan). Teras disimpen dipayuneun Nur Muhammad.

Barang Nur ningali kana kaca, katingali rupina kalintang saena sareng kalintang gindingna, mangka eta Nur kalintang isinna ku Gusti Alloh dugi ka cikaringetan,sareng
cikaringetna netes genep tetesan.

Tina tetesan kahiji ku Gusti Alloh didamel Sayyidina Abu Bakar. Tina tetesan kadua Sayyidina Umar. Tina tetesan katilu Sayyidina Utsman. Tina tetesan kaopat Sayyidina Ali Rodiyallohu Anhum. Tina tetesan kalima didamel aer mawar. Tina tetesan kagenep didamel pare. Tidinya teras eta Nur Muhammad sujud lima kali, mangka ngawajibkeun Gusti Alloh ka anjeuna sareng umat-umatna sholat lima waktu.
-

Nur Muhammad

NURNA KANJENG ROSULLULOH SAW DITINGGALI KU GUSTI ALLOH NU MAHA AGUNG

Tidinya teras Nurna Kanjeng Nabi saw ditingali ku Gusti Alloh. Tina isin ditingali, mangka
kaluar tina sakuliah salirana cikaringet.

Ari cikaringet tina pangambungna didamel sadayana Malaikat.

Tina cikaringet rarayna didamel 'aras, kursi, laulhil mahpud, qolam, panonpoe, bulan, sadayana
hahalang, sadayana bentang, sareng sadayana anu aya di langit.

Tina cikaringet dadana didamel para nabi, para rosul, para ulama, para suhada, sareng sadayana jalmi anu sholeh.

Tina cikaringet pungkurna didamel baetul ma'mur, ka'bah, baetul muqodas, sareng sadaya tempat-tempat masjid nu aya di dunya.

Tina cikaringet jidat halisna didamel sadaya ummat Muhamad saw, islam lalaki, islam awewe, mu'min lalaki, mu'min awewe.

Tina cikaringet cepilna didamel ruhna bangsa yahudi, bangsa nasroni, kapir majusi, kapir munapik, sareng kaum anu sasar.

Tina cikaringet sampeannana didamel bumi ti masyrik dugi ka magrib sareng barang anu aya di bumi. Teras Gusti Alloh nimbalan ka eta Nur: "Heh Nur Muhammad, tingali hareupeun anjeun!".

Barang ditingali hareupeunanna aya cahaya, sareng di pungkurna aya cahaya, di kiwa-teungenna aya cahaya, nyaeta cahaya sahabat anu opat, Sayyidina Abu Bakar Sidiq, Sayyidina Umar, Sayyidina Utsman, sareng Sayyidina 'Ali rodliyyallohu 'anhum. Tidinya teras eta Ruh tasbeh 70 rebu taun.

Teras Gusti Alloh ngadamel arwahna sadaya ambiya tina cikaringet ruhna kanjeng Nabi Muhammad saw.

Ari arwahna sadayana ummat nabi-nabi tina Ruh nabina masing-masing.

Sareng ngadamel arwahna ummat Muhammad tina Ruhna Nabi Muhammad saw, mangka teras eta Arwah pad ngucap "laa ilaahha illallooh muhammadur rosululloohh".
-

Arwah Pada Ningali Kana Rupina Kanjeng Nabi SAW Dina Istaolop

KANJENG NABI NGADEG DINA LEBET ISTAOLOP DITINGALI KU SADAYANA ARWAH

Tidinya teras Gusti Alloh ngadamel ISTAOLOP tina akik anu ngenclong beureum, sareng teras ngadamel rupina
Kanjeng Nabi.

Saparantos rupina didamel, teras disimpen dina luhureun Istaolop.

Kanjeng Nabi ngadeg dilebet Istaolop sapertos ngadeg dina netepan.

Tidinya teras Arwahna sadaya para nabi ngurilingan Ruhna Kanjeng Nabi Muhammad saw, pada marhaban, tasbih sareng tahlil, kenging 100 rebu taun.

Tidinya teras Gusti Alloh marentah ka sadayana arwah kedah naringali kana rupina kanjeng Nabi Muhammad saw. Sapalih arwah aya anu ningali kana mastakana Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi raja. Sapalihna aya anu ningali kana
taarna, mangka eta jalma jadi pamarentah, jadi kapala anu adil. Sapalihna aya nu ningali kana socana, mangka eta jalma jadi hapadz kana kalamuloh. Sapalihna aya nu ningali kana halisna, mangka eta jalma jadi tukang ngukir. Sapalihna aya anu ningali kana cepil duanana, mangka eta jalma sok ngadangu sareng nyaho kana perkara haq, perkara bener. Sapalihna aya nu ningal kana damisna, mangka eta jalma jadi tukang migawe kahadean, sareng jalma berakal. Saplihna aya nu ningali kana biwir duananaa, mangka eta jalma jadi pangkat patih. Sapalihna aya nu ningali kana pangambungna Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi ahli ilmu hikmah (dokter), sareng jadi tukang minyak seungit. Sapalihna aya nu ningali kana bahamna, mangka eta jalma jadi kasep sareng geulis. Sapalihna aya nu ningali kana teunggek (tikoro) Kanjeng Nabi, eta jalma jadi tukang muruk mitutur, nganasehat, sareng tukang adan. Sapalihna aya nu ningali kana rambutna Kanjeng Nabi, eta jalma jadi tukang perang sabilillah. Sapalihna aya nu ningali punduk Kanjeng Nabi, eta jalma jadi tukang dagang, sugih. Sapalihna aya nu ningali kana dua bahuna (peupeuteuyan) dua Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi tukang tumpak kuda dina perang sareng tukang pedang. Sapalihna aya anu ningali bahu anjeuna (peupeuteuyan) dua katuhu Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi tukang seurot. Sapalihna aya nu ningli bahu kiwana Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi jalma bodo. Sapalihna aya nu ningali dampal panangannana nu katuhu, mangka eta jalma jadi tukang tukeur duit, tukang nyulam. Sapalihna aya anu ningali dampal panangan Kanjeng Nabi anu palih
kenca, mangka eta jalma jadi tukang naker. Sapalihna aya nu ningali panangannana Kanjeng Nabi, mangka eta jalma berehan sareng gagah. Sapalihna aya anu ningali pungkur
panangan Kanjeng Nabi anu palih kiwa, mangka eta jalma jadi koret. Sapalihna aya nu ningali pungkur panangan Kangjeung Nabi palih katuhu, mangka eta jalma teh jadi tukang masak. Sapalihna aya nu ningali tungtung panangan Kanjeng Nabi, mangka eta jalma teh jadi juru tulis. Sapalihna aya nu ningali ramona Kanjeng Nabi palih kiwa, mangka eta jalma teh jadi tukang ngaput. Sapalihna aya
nu ningali ka ramona Kanjeng Nabi palih kiwa, mangka eta jalma jadi tukang beusi. Sapalihna aya anu ningali kana dadana Kanjeng Nabi, mangka eta jalma teh jadi 'alim dimulyakeun sareng mujtahid. Sapalihna aya anu ningali pungkur (tonggong) Kanjeng Nabi, mangka eta jalma teh jadi handap asor sareng tumut kana parentah syara'. Sapalihna aya anu ningali kana gedengna (gigirna) Kanjeng Nabi, mangka eta jalma teh ahli perang. Sapalihna aya anu ningali kana patuangan Kanjeng Nabi, mangka eta jalma teh jadi Qona'ah, ahli tapa. Sapalihna aya anu ningali kana dengkul duanana Kangjeung Nabi, mangka eta jalma jadi tukang ruku', tukang sujud. Sapalihna aya anu ningali kana sampeannana Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi tukang leuleumpangan. Sapalihna aya anu ningali kana kalangkang Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi tukang tembang, tukang tarompet. Sapalihna
aya anu teu ningali pisan ka Kanjeng Nabi, mangka eta jalma jadi yahudi, nasroni, majusi. Sapalihna aya anu teu ningali Istaolop-Istaolopna acan, mangka eta jalma jadi biangna kapir, nepi ka ngaku jadi pangeran, saperti fir'aun.
-

Asal Muasal Sholat

SHOLAT TINA JENENGAN AHMAD

Satemen-temenna Gusti Alloh marentah sholat sapertos jenengan Ahmad, mangka ari ngadeg sapertos "Alif". Ari ruku' sapertos "Ja". Ari sujud sapertos "Mim". Ari lungguh sapertos "Dal". Sareng ngadamel rupa jelema sapertos jenengan "Muhammad". Ari sirah buleud sapertos "Mim" nu mimiti. Ari panangan sapertos "Ha" nu cagak dua. Ari padaharan sapertos "Mim" anu ka dua. Ari sampean dua sapertos "Dal" cagak dua, mangka henteu dibeuleum jalma kapir di jero naraka, kalawan rupana didunya rupa jelema, anging saba'da diganti rupana ku rupa bagong (jeung sasatoan nu sejenna).
-

Didamelna Adam as

DICIPTAKEUNANA KANJENG NABI ADAM AS
Ngadawuh Ibnu 'Abbas ra:
Gusti Alloh ngadameul jasadna Kanjeng Nabi Adam as tina sakabeh pajajahan dunya. Mangka ari mastakana tina taneuh ka'bah. Ari pinareupna (dadana) tina pajajahan bumi. Pungkurna sareng patuangannana tina taneuh Hindi. Panangan duanana tina taneuh Masriq. Sampean duanana tina taneuh Magrib.
Ceuk hiji riwayat, Kanjeng Nabi Adam as didameul ku Gusti Alloh tina bumi tujuh. Mastakana tina bumi ka hiji. Pundukna tina bumi ka dua. Pinareupna tina bumi ka tilu. Panangannana tina bumi ka opat. Pungkurna (tonggongna) tina bumi ka lima. Pahana tina bumi ka genep. Wentisna (bitisna) tina bumi ka tujuh.
Ceuk hiji riwayat dawuhan Ibnu 'Abbas ra:
Gusti Alloh ngadameul Nabi Adam as mastakana tina taneuh Baetul Muqodas. Rarayna tina taneuh sorga. Cepil duananna tina taneuh
Gunung Tursina. Taar duananna tina taneuh 'Iroq. Waosna tina taneuh Kautsar. Panangannana anu kenca tina taneuh Paris. Panangannana anu katuhu tina taneuh Ka'bah. Sampeannana tina taneuh
Hindi. Tulangna tina taneuh Gunung. Oratna tina taneuh Babil. Pungkurna tina taneuh 'Iroq. Patuangannana tina taneuh Khursan. Manahna tina taneuh Firdaus. Lisanna
tina taneuh Tho'if. Socana tina taneuh talaga Kautsar. Kumargi mastakana didameul tina taneuh Baetul Muqodas, mangka eta mastaka jadi tempat Akal, tempat kapinteran, tempat ngucap.
Kumargi cepilna tina taneuh Gunung Tursina, mangka eta cepil tempat ngadangu nasehat.
Kumargi taarna tina taneuh 'Iroq, mangka jadi eta taar paranti sujud ka Alloh.
Kumargi rarayna tina sorga, eta raray jadi
tempat rarangken sareng kaalusan.
Kumargi waosna didameul tina taneuh Kautsar, mangka jadi eta waos tempat mamanis.
Kumargi panangan anu tengen tina taneuh Ka'bah, mangka eta tangan jadi tempat berekah pitulung kana kahirupan, tempat barahan.
Kumargi panangan kiwa tina tanah Paris, mangka jadi panangan kiwa paranti bebersih, paranti istinja.
Kumargi eta patuangannana tina taneuh Khursan, mangka eta patuangan tempat lapar.
Kumargi oratna tina tanah Babil, mangka eta orat tempat syahwat.
Kumargi tulangna tina taneuh Gunung, mangka jadi eta tulang teuas.
Kumargi manahna tina Sorga, mangka jadi eta manah tempat iman.
Kumargi lisanna tina Tho'if, mangka jadi eta lisan tempat pasaksen, tempat depe-depe sareng ngadu'a ka Gusti Alloh. Sareng Gusti Alloh ngadameul di Kanjeng Nabi Adam as 9 lawang. Anu 7 dina mastakana, nyaeta dua soca, dua cepil, dua liang pangambung, sareng cangkem. Anu dua deui dina badan, nyaeta qobul sareng dubur. Sareng Gusti Alloh ngadameul di Kanjeng Nabi Adam panca indra lima, nyaeta kahiji paningali, ayana dina soca. Kadua pangdangu, ayana dina cepilna. Katilu icipan, ayana dina ilatna. Kaopat ambekan ayana dina pangambungna. Kalima rasa, ayana dina panangannana sareng sakuliah salirana.

Adam Dilebetan Ruh

KANJENG NABI ADAM DILEBETAN RUH

Diriwayatkeun deui, satemenna Gusti Alloh marentah ka Ruh kedah lebet kana jasadna Kanjeng Nabi Adam.

Saparantos diparentah, teras eta Ruh lebet kana salirana Kanjeng Nabi Adam tina embun-embunaannana. Teras eta Ruh muter dina polona kira-kira jaman 200 taun. Teras eta Ruh turun kana dua socana, breh anjena kana salirana masih keneh taneuh garing. Teras eta Ruh turun kana dua cepil duanana. Di dinya anjeuna ngadangu kana tasbehna malaikat. Teras eta Ruh turun kana liang pangambungna, terus anjeuna bersin. Teras eta Ruh turun kana cangkemna sareng kana ilatna, teras ku Gusti Alloh diwuruk "alhamdulillah", dijawab ku Gusti Alloh "ya harmukalloh robbuka ya Adam. Muka mika asih Pangeran ka maneh, heh Adam". Teras eta Ruh turun kana pinareupna, anjeuna palay ngadeg, mung henteu tiasa, jalaran sapotong deui kahandap teu acan kapanjingan Ruh, taneuh keneh. Kumargi eta, didawuhkeun ku Gusti Alloh "wakana insanu a'julan", hartosna wallohu a'lam: "Kaayaan jalma teh sok gurung gusuh". Tidinya teras eta Ruh turun kana patuangannana kanjeng Nabi Adam. Barang turun kana patuangan, Kanjeng Nabi Adam palay barang tuang, tidinya teras Ruh nyaliara kana sakuliah salirana, mangka jadi daging jadi getih sareng jadi rupi-rupi urat anu ageung anu alit. Tidinya teras Nabi Adam dipaparin anggoan tina kuku anu kacida lucuna. Dina saban-saban dinten tambih kakasepannana. Barang Kanjeng Nabi Adam tuang kayu
larangan tea, teras eta anggoan kuku morosot tina salirana, anu kantun mung dina tungtung ramo supaya jadi paemutan ka anjeuna.
-

Adam Dilebetan Nur Muhammad

KANJEUNG NABI ADAM DILEBETAN NUR KANJENG NABI MUHAMMAD SAW

Saparantos Gusti Alloh nyampurnakeun kaayaan salirana Kanjeng Nabi Adam sareng parantos dipanjingan Ruh, parantos dianggoan makuta sareng rarangken sorga, dina taarna moncorong Nurna Kanjeng Nabi Muhammad saw, sepertos bulan tanggal opat beulas. Teras anjeuna dicalikkeun dina kartil, teras dipunggu ku pirang-pirang malaikat. Timbalan Gusti Alloh: "Heh sakabeh malaikat, eta Adam kudu dibarawa ka langit tujuh supaya uninga kana kaanehan-kaanehan di langit, supaya tambah kayakinannana".

Piunjuk malaikat: "Unjuk sumangga, jisim abdi tumut kana kersa Gusti".

Teras Nabi Adam di pupunggu ku malaikat dina kartil surga, ngurilingan langit dina jaman 100 taun. Tidinya teras Gusti Alloh ngadameul kuda tina kasturi anu bodas, anu kacida seungitna, disebutna "Memur". Ari jangjangna tina inten sareng marjan, teras ditunggangan ku Nabi Adam. Kadalina dicepeng ku Malaikat Jibril. Ari Malaikat Mingka'il ti palih tengen. Malaikat Isrofil ti palih kiwa. Teras Nabi Adam nguriling deui tujuh lapis langit tunggang kuda Memur di iring ku gegeden malaikat bari maparin salam ka ahli langit, teras dijarawab ku sadayana malaikat. Timbalan Gusti Alloh: "Heh Adam, ieu salam pikeun kahormatan maneh jeung anak incu maneh anu mu'min dina dinten Qiyamah.
-

Gegeden Malaikat

TUGAS-TUGAS MALAIKAT

Satemenna Gusti Alloh parantos ngadamel gegeden malaikat anu mulya nyaeta Jibril, Mingka'il, Isrofil sareng Ijro'il. Sareng sadaya urusan makhluk dipasrahkeun ka eta malaikat anu opat tea.

Ari Malaikat Jibril nyaeta tukang nyandak wahyu ti Gusti Alloh ka sadayana para rosul.

Ari Malaikat Mingka'il tukang nurunkeun hujan sareng ngurus rizqi.

Ari Malaikat Ajro'il tukang nyandakan Arwah.

Ari Malaikal Isropil tukang nyeupeung songsong.
-

Malakal Isrofil

DIDAMELNA MALAKAL ISROFIL

Dawuhan Ibnu Abbas ra:
Malaikat
Isrofil nyuhunkeun kakuatan ka GustI Alloh 7 lapis langit, teras dipaparin kakuatan. Sareng nyuhunkeun kakuatan 7 lapis bumi, mangka dipaparin. Sareng nyuhunkeun kakuatan angin, mangka teras dipaparin. Sareng nyuhunkeun kakuatan gunung, mangka teras dipaparin. Sareng nyuhunkeun kakuatan jin sareng manusa, mangka teras dipaparin. Sareng nyuhunkeun dipaparin kakuatan sakabeh sato galak, teras di paparin.

Ari Malaikat Isrofil tina dampal sampeannana dugi kana mastakana pinuh ku rambut sareng pinuh ku cangkeum sareng letah anu
ditutupan ku pirang-pirang jangjang.

Hiji letah maca tasbeh ka Gusti Alloh ku sarebu basa. Sareng ngadameul Gusti Alloh tina salirana Malaikat Isrofil sarebu-rebu malaikat anu sarupi Malaikat Isrofil. Damelna maca tasbeh ka Gusti Alloh donkap ka yaumil qiyamah, nyaeta Malaikat Muqorobun sareng Malaikat Kiromun Katibun.

Dina sadinten sawengi Malaikat Isrofil ningali
naraka jahanam tilu kali. Tina bawaning paur ningali pakewuh sareng siksa jahanam, anjeuna sok nangis sareng depe-depe ka Gusti Alloh, sareng salirana anu sakitu ageungna jadi leutik dugi ka sami sareng tali gondewa. Upami ku Gusti Alloh teu dihalangan, tangtu ieu bumi kabanjiran ku cisocana Malaikat isrofil, saperti banjir Nabi Enuh As. Ari ageungna Malaikat Isrofil upama sakabeh cai laut sareng cai
wahangan dicicikeun kana mastakana Malaikat Isrofil, tangtu moal aya anu ragrag satetes-tetes acan.
-

Malakal Mika'il

DIDAMELNA MALAKAL MINGKA'IL

Saparantos 500 taun ngadameul Malaikat Isrofil, Gusti Alloh ngadameul malaikat Mingka'il.

Tina mastakana dugi kana dampal sampeannana pinuh ku rambut tina japaron sareng pinuh
ku jangjang tina inteun jabarjad anu hejo.

Dina saban-saban hiji rambut sarebu-rebu raray.

Tina hiji-hiji raray, sarebu-rebu soca.

Hiji-hiji soca pada nangis, pada mikahawatos ka mu'min anu berdosa.

Sareng dina hiji-hiji raray sarebu-rebu cangkem.

Dina hiji cangkem sarebu lisan.

Dina hiji lisan sarebu bahasa.

Hiji-hiji lisan pada maca istighfar, mang istighfarkeun ka mu'min anu berdosa.

Sareng saban-saban soca netes 70 tetes
didambeul hiji malaikat anu sarupi sareung Malaikat Mingka'il. Sadayana pada maca tasbeh dongkap ka yaumal Qiyamah.

Ari jenengannana, nyaeta Malaikat Karubiyyun, nyaeta baladna Malaikat Mingka'il, pikeun ngurus hujan, ngurus sakabeh tatangkalan
sareng jujukutan sareng bungbuahan sareng rizqi, mangka teu aya hiji lauk di laut, teu aya buah dina tangkal, sareng teu aya jukut anu jadi di bumi, anging di dinya aya malaikat anu ngurusna.
-

Malakal Jibril

DIDAMELNA MALAKAL JIBRIL

Saparantos 500 taun ti ngadambeul Malaikat Mingkail, teras Gusti Alloh ngadameul Malaikat Jibril.

Tina sampeannana dugi ka mastakana pinuh ku rambut tina japaron, sareng anjeuna kagungan 1.600 jangjang.

Ari panonpoe aya di antara dua socana, tina ku ageung-ageungna salirana, sareng dina
hiji-hiji rambut pinuh ku singkareutit sapertos bentang, sareng bulan. Saban-saban dinten anjeuna lebet ka lautan cahaya 370
kali. Saban-saban kaluar tina lautan cahaya, tina hiji-hiji jangjang netes sarebu-rebu tetes cahaya. Hiji tetes ku Gusti Alloh didambeul malaikat anu sarupi sareng Malaikat Jibril, teras maraca tasbeh dongkap ka yaomal qiyyamah, nyaeta anu disebut Malaikat Ruhaniyun.
-

Malakal Ijro'il

DIDAMELNA MALAKAL AJRO'IL

Ari Malaikat Ijro'il mah eta sepertos malaikat Isrofil dina rarayana, lisanna, jangjangna, ageungna, jeung kagagahannana, teu kirang teu langkung.
-

Malakal Maut

DIDAMELNA MAUT

Dicarioskeun dina hadits, tatkala Gusti Alloh ngadambeul maut, dihalangan ti sakabeh makhluk, kalawan mangrebu-rebu hahalang.

Ari gedena Maut leuwih gede ti batan langit 7 bumi 7.

Kakuatannana leuwih kuat ti batan kakuatan langit 7 bumi 7.

Dirante kalawan 70 rebu rante. Panjangna hiji-hiji rante lalakon 1000 taun.

Sadaya malaikat teu aya anu caket kaayaanna ka eta maut, sareng henteu aya nu terang di mana tempatna, sareng henteu terang kumaha tingkahna sareng henteu terang tepi iraha ayana eta maut.

Barang eta Maut bade di pasrahkeun ka Malaikat Ajro'il, teras malaikat Ajro'il unjukan ka Gusti Alloh, piunjukna: "Naon Gusti, ari maut?".

Dawuhan Gusti Alloh: "Heug, di tembongkeun ku Aing. Tarenjo ku maneh, heh sakabeh malaikat?".

Teras Malakal Ajro'il sareng sadayana malaikat pada ngadeug. Teras hahalang maut ku Gusti Alloh di
bukakeun, sareng nimbalan Gusti Alloh ka eta maut: "Heh Maut, beberkeun jangjang maneh kabeh!. Jeung bukakeun panon maneh kabeh".

Tuluy eta maut hiber. Barang katingalieun ku sadaya malaikat, sadaya malaikat pating jarungkel, kaleunggeur kabeh 1000 taun.

Saparantos garugah, teras arunjukan, piunjukna: "Gusti, kumaha ngadambeul deui makhluq anu langkung ageung tibatan Maut?".

Dawuhan Gusti Alloh: "Eta Maut didambeul ku Aing. Aing leuwih Agung tibatan Maut. Sakabeh makhluk pasti bakal ngasaan Maut".

Ngadawuh deui Gusti Alloh:
"Heh Ajro'il, kop kumaneh geura rawatan eta maut".

Dawuhan malakal Ajro'il: "Gusti, eta Maut langkung ageung sareng langkung kiat tibatan abdi, jadi abdi moal kiat".

Teras Malaikat Ajro'il ku Gusti Alloh dipaparin kakuatan langkung ti maut, sareng eta maut di cepeng ku panangannana.
-

Gegeroannana Maut

GEGEROANNANA MAUT DI LANGIT

Tidinya eta maut unjukan ka Gusti Alloh nyuhunkeun widi bade gegeroan di langit.

Saparantos diwidian, teras gegeroan. Ngagerona tarik pisan, pokna: "Ieu teh kami, Maut, anu bakal misahkeun antara kakasih jeung
kakasihna. Ieu teh Maut, anu bakal misahkeun antara anak awewe jeung indungna. Ieu teh Maut, anu bakal misahkeun dulur lalaki jeung dulur awewena. Ieu teh Maut, anu bakal ngaruksak imah jeung gedong. Ieu teh Maut, anu bakal ngaramekeun kubur. Ieu teh Maut, anu bakal nutur-nutur jeung nyusul-nyusul ka maraneh sararea, sanajan kana benteng anu kuat. Moal aya hiji makhluk anging kudu ngasaan kami.
-

Polahna Jalma Nu Kadatangan Ku Malakal Maut

POLAHNA JALMA-JALMA WAKTU KADATANGAN MAUT JEUNG NGAWEWELEHNA DUNYA KA AHLI DUNYA

Ari kapir sareng munapik sareng jalma mu'min anu cilaka, tatkala arek maot, mangka datang ka maranehannana malaikat ti kencaeunnana mawa siksa.

Ari rarayna eta malaikat, hideung. Socana sing baroncorot cara gerengseng tambaga meunang meuleum, caralik ngantosan malakal maut.

Ari parantos sumping malakal maut, teras malakal maut ngadeg payuneun nu rek maot, kacida matak
hebatna matak keueungna.

Teras nu rek maot teh nanya ka malakal maut, pokna: "Ari anjeun teh saha jeung rek aya perlu naon ka kaula?".

Saur malakal maot: "Kaula teh
Malakal Maut anu rek nyokot nyawa anjeun, rek ngaluarken anjeun ti dunya. Anak anjeun rek sina jadi yatim. Pamajikan anjeun sina jadi randa. Harta banda anjeun sina dicarokot ku ahli waris anu teu dipikaresep ku anjeun di dunya, anu anjeun acan ngaheulakeun pikeun anjeun di akherat. Tah, ayeuna kaula rek nyokot ruh anjeun".

Tidinya nu rek maot malengos kana balik, baruk malakal maut geus aya di hareupeunnana. Malik deui malengos kajihat nu sejen, malakal maut geus aya di hareupeunnana.

Saur malakal maut: "Naha teu nyaho kaula teh anu nyokot nyawa indung bapa maneh?. Kapan maneh oge nenjo, tapi teu dialap conto ku maneh?. Ieuh, sing nyaho, kaula teh Malakal Maut anu geus ngaruksak jalma-jalma baheula anu leuwih kuat, leuwih garagah tibatan maneh, leuwih bareunghar, leuwih loba anakna tibatan maneh. Kumaha perkara dunya ka
tenjona ku maneh? Karasana ku awak maneh? Jawab, heh nu rek maot!".

Ceuk jalma anu rek maot: "Ari perkawis
dunya ayeuna mah karaos
sareng buktos, yen manehna teh tukang tipu sareng tukang malsu".

Tidinya teras ku Gusti Alloh dunya teh dirupakeun, tuluy ngomong ka eta jalma: "Heh jalma masiat, teu gableg kekenyos, teu boga ka era, sakitu cikiplak ngajak ngabur dina ni'matna Pangeran, tepi kawani masiat, ayeuna mah nuding-nuding nyebut-nyebut tukang tipu, tukang malsu ka kami, geuning anu beng kaditu, beng kadieu teh maneh nu neangan Kami. Kami
mah teu sing neangan maneh. Gening maneh bakating kuhayang loba dunya nepika teu merduli, teu mikirkeun halal haramna, asal meunang bae dunya, teu daek ngaluarkeun zakatna, da sieun ngurangan. Samarukna moal pisah jeung dunya teh? Tah ayeuna kami lulubaran jeung maneh, jeung tina amal maneh, kami teu rek milu campur".

Tuluy eta dunya ngaleos. Ari geus ditangan batur, tuluy eta dunya ngomong deui: "Heh jalma masiat, jalma nu teu nurut kana parentah Pangeran, maneh ngasab ka kami teu kalawan jalan bener, teu daek ngaluarkeun zakat anu baris manpaat kamaneh ayeuna, jeung maneh kacida sieunna papisah jeung kami. Tah gening ayeuna mah kami geus dicekel ku batur, naon manpaatna ka awak maneh?".

Nyaeta anu di dawuhkeun ku Gusti Alloh dina Qur'an anu pimaksadeunnana kieu: "Dina poe anu teu aya gunana harta banda reujeung anak, anging gunanna teh anu mawa iman, islam, kalaman hate anu mulus".

Dina waktu eta unjukan jalma anu henteu soleh keur waktu di dunya, pokna: "Nun Gusti Pangeran jisim abdi, muga-muga ka jisim abdi diwangsulkeun deui ka dunya, abdi teh bade amal soleh, sareng harta banda abdi bade digunakeun kana perkara anu manpaat ka abdi".

Timbal gusti Alloh: "Moal bisa! Satiba-tiba geus datang ajalna hiji jalma, henteu bisa mundur henteu bisa maju samenit oge!".

Tidinya teras malakal maut nyandak ruhna si abdi. Lamun maot netepan iman islam, untung bagian nu teu aya hinggana. Upama maotna henteu netepan iman islam, rugi cilaka anu henteu aya tungtungna.
-

Cara-Cara Malakal Maut Dina Nyandak Ruh

MALAKAL MAUT NYANDAK RUH

Di cariosken dina kitab SULUK, satemenna malakal maut kagungan kartil di langit ka 7, ceuk sakaul di langit ka 4.

Didamelna kartil tina cahaya. Tihangna 70 rebu tihang. Sareng malakal maut kagungan 4 rebu jangjang, anu sakuliahna pinuh ku
soca sareng lisan, mangka heunteu aya sahiji makhluk bangsa jalma sareng bangsa manuk sareng sakabeh anu boga ruh (nyawa) anging eta
maklhuk teh aya dina jasadna malakal maut, aya beungeutna, aya panona, aya leungeuna jeung aya ceulina, mangka nyandak malakal maut kana ruhna makhluk ku lengeuna eta makhluk nu aya di jasadna malakal maot tea, jeung ningali ku beungeutna. Kumargi kitu gampil pisan malakal maut nyandakanna ruh dina saban-saban tempat.

Di mana maot hiji awak-awakan, hiji anu beurnyawa, mangka leungit ti malakal maot rupana awak-awakan tea.

Ceuk hiji kaul, malakal maot kagungan opat raray. Kahiji ti kobul. Kadua dina sirahna. Katilu ti pungkur. Ka opat dina dampal sampeannana.

Ari nyandak ruh nabi-nabi sareng malaikat, ku raray anu aya dina
mastakana.

Ari nyandak ruh mu'min ku raray anu ti payun.

Ari nyandak ruh kapir ku raray anu ti pungkur.

Ari raray anu aya dina dampal sampeannana paranti nyandak ruhna sakabeh jin.

Ari salah sahiji sampeannana malakal maut ka cukang naraka jahanam, ari anu sabeulah deui kana kartil di sorga.

Sareng dicarioskeun deui, ari ageungna malakal maut, upama sakabeh cai wahangan jeung sakabeh cai laut di cicikeun kana mastakana malakal maut, tangtu mol aya anu ragrag satetes acan.

Sareng dicarioskeun, sakabeh dunya upama dipayunan ku malakal maut, saperti hiji lalaki nyinghareupan sisihan rek nyandak kadaharan tina sisihan tea, nyakitu deui malakal maut nyandakan ruh sakabeh
makhluk, henteu aya kasesahannana.

Malakal maot mah ngabulak-balik dunya teh saperti hiji lalaki ngabulak-balik artos sadirhan (satalen).

Ceuk hiji riwayat, malakal maut mah tara turun anging nyandak ruh para nabi, sareng utusan.

Ari kanu sanes mah sareng ka sasatoan miwarang wakilna bae.

Sareng dicarioskeun, tetkala Gusti Alloh ngaruksak sakabeh makhluk, mangka ngaleungitkeun sakabeh socana anu aya dina salirana malakal maut, anu kantun mung 8, nyaeta malaikat Isropil, Mingkail, Jabroil,
Ajroil, sareng 4 malaikat anu ngagotong 'Arasy.

Ari Malakal Maut eta sepertos Malakal Isropil dina rarayana, lisana, jangjangna, ageungna, sareng kagagahannana teu kirang teu langkung.
-

Ciri-Ciri Waktuna Malakal Maut Nyabut Nyawa

CIRI-CIRI WAKTUNA MALAKAL MAUT KUDU NYABUT NYAWA

Nyaeta di mana malakal maut nampi hiji buku, di dinya dituliskeun ngaran si Abdi tea, teras
malakal maot unjukan ka gusti Alloh, piunjukna: "Nun Gusti, iraha ku abdi kedah di cabut eta nyawana si abdi teh, sareng keur kumaha di cabutna?".

Timbalan Gusti Alloh: "Heh malakal maut, perkara iyeu elmu bangsa ghoib. Moal aya anu terang salian ti Kami, tapi Kami mere alamat ka maneh, nyaeta malaikat anu ngurus ambekannana engke datang ka maneh ngunjukeun yen si anu geus seep ambeukanna. Nyakitu deui malaikat anu ngurus rizqi unjukan ka maneh, si anu geus seep rizqina. Tah upama rek maot teh, jalma bagja kanyahoan dina buku malakal maut ngarana eta jalma pinuh ku cahaya. Upama jalma cilaka
ngarana ditulis ku hideung henteu aya cahayaan.

Saparantos kitu, teu acan pertela keneh ka malakal maut nyabut ruhna hiji abdi sahingga ragrag hiji daun ti handapeun 'Arasy ka malakal maut, anu ditulis dina eta daun ngaran si eta abdi, tidinya kakara malakal maut nyabut ruhna si abdi tea.

Dawuhan ka 'Abul Ahbar: Satemena
Gusti Alloh ngadambeul hiji tangkal kayu di handapeun 'Arasy, ari
dauna sabingbilangan makhluk. Samangsa-mangsa ajalna si abdi kantun 40 dinteun deui, mangka ragrag daun ka malakal maut. Dina daun di tulisan ngaran si abdi tea, mangka uninga umurna si abdi tea ti waktu harita tinggal opat puluh poe. Ku urang langit mah eta jalma teh geus disarebut mayit, padahal hirup keneh opat puluh poe.

Ceuk sakaul, malaikat Mingkail di paparin hiji buku. Dina eta buku ditulis ngarana jalma anu kudu dicabut nyawana jeung tempatna jeung sabab-sababna dicabut nyawana.

Dawuhan Abu Laits ra: Tina handapeun 'Arasy aya nu netes dua tetesan, hiji hejo, nu hiji deui bodas. Upami ngaran katetesan kunu hejo, eta ciri cilaka. Upama katetesan kunu bodas ciri salamet.
-

Tempat Dicabutna Nyawa

NGANYAHOKEUNANA MALAKAL MAUT KANA TEMPAT DICABUTNA NYAWA JALMA NU GEUS SEEP AJALNA

Ari malakal maut nguningakeunnana tempat maotna si abdi, nyaeta Gusti Alloh ngadambeul malaikat anu tukang ngurus di jero beuteung, anu disebat Malakul Arham, nyaeta malaikat tukang ngurus
pianakan dipiwarang neundeun taneuh dina pianakan indungna. Nyandakna eta taneuh tina tempat anu bakal maot eta si abdi dina eta tempat. Engkena si abdi najan beng kaditu beng kadieu oge misti balik kana tempat panyokotan taneuhna tea, pasti maot dina eta tempat, boh di laut boh di darat.
-

H i k a y a t

HIKAYAT KA 1

Jaman baheula Malakal Maut ziarah ka Kanjeng Nabi Sulaeman as, sarta nalika kitu aya hiji lalaki dumeuheus ka Kangjeng Sulaeman as.

Barang eta lalaki ningali malakal maut, tuluy ngadegdeg bakating ku sieun.

Barang malakal maut parantos teu aya, teras eta lalaki unjukan ka Kangjeng Sulaeman as, nyuhunkeun supaya di anteurkeun ka nagara china.

Tidinya kanjeng nabi Sulaeman miwarang angin mawa eta si lalaki ka nagara china.

Tidinya teras malakal maut ziarah deui ka ka Kanjeng Nabi Sulaeman as.

Dawuhan Kanjeung Nabi Sulaeman ka malakal maut: "Naon margina ajeun kamari neuteup bae ka eta lalaki nu aya di dieu?".

Saur malakal maut pokna: "Kamri teh rada heran pribadi teh, wirehna nampi dawuhan kedah nyabut nyawana eta
jalma di nagara china poe kamari, sedengkeun kamari aya keneh di dieu. Tina kituna, pribadi teh tuluy ka nagara china bari henteu eureun-eureun heran. Tapi barang datang ka nagara china, eta jalma geus aya di ditu, tuluy ku pribadi dicabut nyawana".

Dawuhan Nabi Sulaeman as: "Har, baruk kitu? Barang anjeun mungkur oge eta jalma teh menta di anteurkeun ka nagara china. Basana teh cenah sieun ku anjeun. Harita keneh tuluy di anteurkeun ku angin".

Sareng di carioskeun dina hadits, malakal maut teh kagungan balad anu kalintang seueurna. Sadayana pada ngadeg di payuneun malakal maut ngantos-ngantos piwarangannana.
-

HIKAYAT KA 2

Dicarioskeun jaman baheula, aya hiji lalaki, saban ba'da sholat sok ngadu'akeun malaikat anu ngurus panonpoe. Pokna: ALLOHUMAG PIRLI WALIL MALAIKATIS SAMSI.

Hartosna:
"Ya Alloh, mugi Gusti kersa ngahampunten ka abdi sareung ka Malaikat Panonpoe".

Barang ka uninga ku malaikat anu ngurus panonpoe, teras anjeuna unjukan ka Gusti Alloh, nyuhunkeun widi bade ziarah ka eta lalaki tea.

Barang sumping ka eta lalaki, teras malaikat teh naros, saurna: "Naon pangabutuh anjeun, jeung aya kahayang naon anjeun numatak sok
ngadu'akeun ka kaula?"

Saur eta lalaki: "Upami tiasa
mah hoyong di bantun ka langit, hoyong dipangnaroskeun ka malakal maut, iraha pimaoteun abdi, supaos abdi tiasa sasayogian pibekeleun maot".

Tidinya teras eta lalaki harita keneh
dicandak ka langit ka opat, teras sina calik dina paranti calik malaikat tea.

Leos malaikat teh angkat nepangan malakal maut. Saur malakal maut: "Salira teh nyondong pikeursaeun?".

Saur malaikat nu ngurus panonpoe: "Kantenan, nyaeta aya hiji jalma kacida getolna ngadu'akeun ka pribadi, unggal ba'da sholat tara petot. Ari ditanya hayang dipangnarosken ka salira, Iraha pimaoteunnana?.

Tidinya teras Malakal Maut ninggal dina bukuna. Barang parantos ditingali, saurna: "Huuh, jauh keneh eta sobat anjeun lain jalma lumayan, jalma luhur. Manehna moal maot
anging kudu diuk dina tempat calik salira".

Saur Malaikat Panonpoe: "Huuh, puguh ayeuna oge keur diuk dina paranti diuk pribadi".

Saur Malakal Maot: "Samangsa-mangsa diuk dina tempat anjeun, tangtu nyawana di candak ku malaikat piwarangan pribadi".

Sareng dicarioskeun
dina hadits: Ari ajalna sasatoan eta dzikir ka Gusti Alloh. Upama poho henteu dzikir, henteu
eling ka Gusti Alloh, tuluy nyawana dicabut ku Gusti Alloh. Malakal maut mah teu gaduh urusan dina perkara nyabut nyawa sasatoan.

Ceuk hiji kaul, anu nyandak sakabeh ruh oge gusti Alloh. Sok disebut dicabut malakal maot teh eta mah sabab wungkul, cara sok disebut di paehan ku si anu, atanapi paehna ku kasakit anu. Padahal kabeh oge ku Gusti Alloh. Dalilna dawuhan Gusti Alloh: ALLOHU YATAWAPAL AMPUSA HINA MAOT TIHA.

Hartosna: "Ari Gusti Alloh eta anu ngamaotan sakabeh awak-awakan nalika beak ajalna awak-awakan".

(Walohu A'lam bishoowab)
-

Ruh Menta Bukti Tugas Nyabut Nyawa Ka Malakal Maut

RUH NYUHUNKEUN TAWIS KA MALAKAL MAUT TINA TUGASNA REK NYABUT NYAWA

Dicarioskeun dina hadits: Satemen-temenna
Malakal Maut, upama rek nyandak ruh mu'min, eta ruh nyarios ka Malakal Maut, sanggemna: "Kaula moal nurut ka anjeun upama anjeun henteu di piwarang nyandak kaula".

Saur Malakal Maut: "Puguh kaula diparentah nyokot anjeun.

Sanggem ruh: "Naon tandana anjeun diparentah nyandak kaula? Kaula menta tanda, sabab kaula didamel ku pangeran kaula, teras diasupkeun kana jasad kaula, waktu eta anjeun henteu aya, henteu nyaksian, kari-kari ayeuna datang rek nyokot kaula. Kaula mah moal daek upama henteu aya tanda yen anjeun di piwarang ku gusti Alloh.

Tidinya teras Malakal Maut unjukan ka Gusti Alloh, ngunjukeun pamentana si ruh tea.

Dawuhan Gusti Alloh: "Heh Malakal Maut, bener caritaan 'abdi Aing eta. Ayeuna maneh leumpang ka sorga cokot buah apel, di dinya aya tanda ti Aing, tembongkeun ka 'abdi aing eta".

Tidinya teras malakal maot angkat ka surga nyandak hiji buah apel anu di tulisan "bìsmillahir Rohmaanir Rohiim", teras di tembongkeun ka eta abdi tea. Saparantos eta ruh ningali buah apel surga, teras kaluar tina jasadna henteu hararese.

T A M A T
-